Senin, 28 Maret 2016

Parobahan Harti Kecap(B.SUNDA)



Harti kecap anu Ngalegaan (generalisassi)
            Harti kecap anu ngalegaan nya éta harti kecap anu dipake kiwari ambahanana leuwih lega tibatan harti kecap anu dipake ayeuna.  Conto :
           -  bapa    = kecap bapa  bareto mah dipake pikeun sesebutan anak ka kolot     lalakina  ayeuna mah dipake pikan kasakumna jalma anu dipikahormat. Misalna , bapa lurah, bapa presiden, bapa RT, jsb.
            -   ibu         = kecap ibu bareto mah dipake pikeun sesebutan  ti hiji anak ka indungna, tapi ayeuna dipake sesebutan pikeun unggal jalma awewe anu dipika hormat. Misalna; ibu RT, ibu guru, ibu PKK, ibu lurah, jsb.    
           -   saderek  = kecap saderek baheula mah dipake pikeun sesebutan kanu jadi dulur, ayeuna dipake sesebutan pikeun kasakabeh jalma anu dipihormat. Misalna  saderek RT,
conto kecap sejena  nu hartina ngalegaan nya éta; teteh,aa,  jsb.
Conto kalimah: 1) a. Bapa Si Ewon bandar hayam. (harti heubeul)
                              b. “Ari bapa lurah aya?” ceuk pa RT   (harti nu ngalegaan)
                          2) a. Pun Biang mah saderekna urang Bandung. (harti heubeul)
                              b. “Saderek téh bade kasaha?  (harti generalisasi)
   Harti Kecap anu Ngaheureutan (spesifikasi)
            Harti kecap anu ngaheureutan nyak éta harti kecap anu dipake ayeuna leuwih heureut ambahanana tibatan harti kecap anu dipakae baheula. Conto :
-  sarjana      =  kecap sarjana baheula mah dipake sesbutan pikeun sakabeh jalma anu pinter/ ngabogaan kaahlian leuwih ti jalma sejen disebut sarjana, tapi ayeuna mah kecap sarjana téh ngan dipake sesebutan pikeun ka jalma anu lulus ti perguruan tinggi. Misalna  sarjana ekonomi, sarjana pertanian, jsb.
-  guru            =  kecap guru baheula mah dipake pikeun sakabeh jalma anu ngajarkeun  elm  ka anu sejen, disebut guru. Kecap guru ayeuna mah ngan dipake pikeun jalma anu ngajar di sakola wungkul. Misalna guru basa Sunda, guru matematika, guru SD, guru olah raga, jsb.  
Conto kecap anu ngaheureutan sejenna di antarana; kitab, siswa, murid, ulama, santri, ustad, pesantren, madrasah, kiai, gelas,  jsb.
Conto kalimah:  1) a. Si Joni Uhe sarjana ekonomi lulusan
                               b. Pa Maman guru basa Indonesia.
Harti Kecap anu  Ngaluhuran (ameliorasi)
Harti kecap anu ngaluhuran nya éta harti kecap anu dipake ayeuna ajenna (nilai rasana) leuwih luhur tibatan harti kecap anu dipake baheula. Conto :
- tenteu,  = ajenna leuwih luhur tibatan kecap bibi
- om       =  ajenna leuwih luhur ti batan kecap  mamang   
- istri      =  ajenna leuwih luhur ti batan kecap  pamajikan
            Conto kecap  anu ngaluhuran sejenna, di antarana;
            - opah   > aki                  -  omah > nini              - bujang   >  jajaka/pamuda
            - parawan  >  gadis         -  wanoja  >  bikang    - asisten  >  pembantu
            - tuna wisma  > gelandangan                                   - karyawan  >  kuli
Conto kalimah:    a.  Tanteu  Rina  nuju balanja di supermaket.  (ameliorasi)
                            b. “ Bibi cing pang nyandakeun cai ieu aya tamu” ceuk dununganana.                              (harti  peyorasi)
c.  Bibi Si Jantuk  imahna di Jakarta. (harti asal)                                                            
Harti Kecap anu Ngahandapan  ( peyorasi)
            Harti kecap anu ngahandapan, nya éta harti kecap anu dipake ayeuna ajenna atawa nilai rasana leuwih handap ti batan baheula. Conto :
- kecap  bibi   = baheula mah dipake sesebutan pikeun ka adi bapa/indung anu       
                                      awewe, ayeuna mah kecap bibi téh dipake sesebutan pikeun ka babu (pembentu) atawa anu status sosialna handap; bibi sayur, bibi jamu , jsb.
- mamang       =  kecap mamang baheula mah dipake sesebutan pikeun ka adi 
                                    lalaki bapa/ indung, ayeuna mah kecap mamang téh dipake sesebutan  pikeun anu setatus sosialna handao. Misalna; mamang beca, mamang baso, jsb.
Conto kecap sejenna anu nilai rasana nganhandapan, di antarana; bikang, parawan, propokator, gelandangan, lolong, budeg, jsb.
Conto kalimah: a.  Si Bibi tukang bala-bala anu disuhun ka tabrak beca. (peyorasi)
                          b.  Pun Bibi mah didamelna di Bank BNI. (harti nu sabenerna)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar